Curat-coret atawa tulas-tulis dina ieu
blog, teu aya lian hayang namplokeun kasono kana basa karuhun urang,
nyaeta basa Sunda. Kuring sadar, indung jeung bapa pituin sunda. Kitu
deui karuhun-karuhun ge urang sunda, piraku kuring kudu mopohokeun kana
basa sunda ?, da kumaha atuh dina kahirupan sapopoe basa nu dipake
lolobana bahasa indonesia pikeun komunikasi teh. Lamun aya nu
ngajak nyarita make basa sunda aya kalana asa kararagok, komo deui anu
ngajak nyaritana make basa nu lemes tur merenah undak usuk basana, sok
asa kataji.
Ku ayana sarana ieu, kuring rek
ngawanikeun karep tulas-tulis jeung curat-coret make basa sunda dina ieu
Blog, keun we bari jeung tag-teg-tog oge tata bahasana atawa undak usuk
basana, utamana dina tulisan nu di tamplokkeun kana blog. hampura we
ka balarea, rumasa kuring lain ahlina kana undak usuk basa sunda bilih
jeung bisi aya basa tur carita nu teu merenah, atawa tulisan-tulisan nu
teu puguh kahartina sarta tata bahasa nu teu pantés jeung merenah. Keun
wee… nya ! da ari kabisa jeung kamampuh mah sewang-sewangan.
Sumangga bilih aya maksad bade mairan seratan-seratan dina ieu blog,
bade nganggo basa sunda sapopoe ge wios nu penting merenah tur ngeunah
di aosna.URANG SUNDA DI MAMANA, JEUNG MOAL KA MAMANA
Hatur nuhun.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar